Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
34
 

Lamun ngalawan ka baladna Habsi,
Najan ngamuk ari mundur,
Jisim abdi moal ngejat,
Raja Habsi ngadawuhan deui rusuh,
Coba baé ayeuna mah,
Geura tangkep los sing kénging.

15.

Kumendang (...),
Kapalapa masing telik masing sidik,
Wiramaya gasik mundur,
Ganeangna seug mapag balad,
Geus sadia parajurit mangratus,
Sadia pararujit mangratus-ratus,
Tumbak pedang lawan bedil.

16.

Gancangna // baé geus Iyang,     (20)
Turuktuk sengék tarompét muni,
Wiramaya henteu milu,
Ki Nangkoda milu iang,
Hayang nyaho jeung sumbar hayang kalbu,
Tangtu si Ahmad Muhammad,
Remuk ajur tangtu mati.

17.

Maké wani-wani bangsat,
Balad aing sakieu loba jurit,
Aing asa jadi Ratu,
Berbu Anom aing Habsi,
Ki Nangkoda pakéan kawas ku mendur,
Omok nambru dina tak-tak,
Siga niron Raja Habsi.

18.

Anggeus jauh ti nagara,
Nyorang leuweung nu tara disaba jalama,
Wadia balad pada ngaheruk,
Seug nunda heula Nangkoda,