Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
35
 

Anu eukeur néangan Ahmad di gunung,
Kocapkeun Ahmad Muhammad,
Sakalangkung perihatin.

19.

Dina jero leuweung alas,
Pakumaha dina jero leuweung kai,
Radén Muhammad seug nyaur,
Ka Rayi Radén Ahmad,
Engké rayi ulah rusuh,
Engkang lesu capé teunangan,
Jeung deui urang téh rayi.

20.

Maksud téh urang ka mana,
Akang naros ka mana urang nya nyingkir,
Jeung teu puguh kalér kidul,
Jadi linglung ieu kakang,
Eujeung deui ieu raraosan henteu puguh,
Rahadén Ahmad ngandika,
Ulah leutik teuing galih.

21.

Nganggo naros nu diseja,
Kapan aya akang keur prihatin,
Hanteu puguh nu dijug-jug,
Da hanteu boga baraya,
Baroraah dina leuweung luwang-liwung,
Najan di lembur keur aya,
Geuningan akang jeung rayi.

22.

Urang teu ibu teu rama,
Pahatu lalis baraya téh ngan perihatin,
Paéh rampés hirup nuhun,
Indung bapa téh ngan pasrah,
Kitu deui urang perkara kabur,
Ka mana baé perangna,
Urang teu gaduh pamilih.