Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
23.

Ngan Allah anu Kawasa,
Nun sumuhun rayi gé nya kitu deui,
Gék calik handapeun kayu, //
Sarta nyandangkeun cadas,
Sarta aya batu tilu nungku-nungku,
Sumahan léngkob ka lebak,
Katingal ngajajar baris.

24.

Alon matur Radén Ahmad,
Nun sumuhun rayi gé nya kitu deui,
Gek calik handapeun kayu,//
Sarta nyandakeun cadas,     (21)
Sarta aya batu tilu nungku-nungku,
Sumahan léngkob ka lebak,
Katingal ngajajar baris.

25.

Kari-kari aya sekar,
Sekar tua asa nyalimara pikir,
Turug-turug kembang kayu,
Keur meujeuhna karembangan,
Aya deui kembang kasumba hurung,
Disebutna ka urang mah,
Gelinggem di sisi marig.

26.

Nu disebut sekar tua,
Saliara atawana mendakiki,
Lakona ka gunung,
Pacampur jeung kayu gorda,
Kayu unek cék urang mah lain kitu,
Kaliyagam ju-jukan (sic),
Kari-kari aya deui.

27.

Dina lekob aya cadas,
Aya guna dina jero cadas deui,
Aya nu tapa Syeh Jagung,