Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
37
 

Bupu emas (sic) incu éyang.
Ujang kadiya (sic) calik.

28.

Rahadén Ahmad Muhammad,
Tampi lami rongeh-rengah tacan sidik,
Barang geus sidik ka payun,
Tuluy asup kana guha,
Marunjungan enya éta ka Syeh jagung,
Parantos munjung salila,
Marandawa tungkul jeung ajrih.

29.

Gancang syeh jagung mariksa,
Putu eyang ujang téh anu ti mendi,
Jeung naon anu dimaksud,
Anu matak ngambah alas,
Jeungna deui rama ibu saha enung,
Jeung enéng saha jenengan,
Joba (sic) ka éyang wawati.

30.

Ahmad Muhammad ngandika,
Nun sumuhun pariyos éyang sejati,
Ibu rama geus teu gaduh,
Ngan carios mah raja sam,
Panjenengan sari-sari naléndra raja jamur,
Nya ngaran Ahmad Muhammad,
Awit iang ka ti Habsi.

31.

Nu jadi marga lantaran,
Jalna (sic) pitnah Nangkoda nagara Habsi,
Asal abdi gaduh manuk,
Titiran wasiyat Ama,
Dipihayang ku Nangkoda éta manuk,
Dumugi ka dipeuncit,
Nu masihkeun ibu abdi.

32.

Kapanggih eukeur digang-gang,