Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
38
 

Éta manuk direbut ku jisim abdi,
Akang awak abdi hulu,
Énggalna séép diteda,
Amung abdi saparantos dahar manuk,
Rumaos kabendon pisan,
Anu mawi abdi nyingkir.

33.

Éyang nu langkung uninga,
Saé awon katerangan jisim abdi,
Nyuhunkeun du’a panglangu, //
Geus rumaos palastra,     (22)
Tina awak talingeuh bodo kang putu,
Mesem kuping sang Pandita,
Ngalahir barina manis.

VI. Dangdanggula

1.

Nyaah teuing Radén incu aki,
Sing tawekal mun keur nandang lara,
Hirup nahan paéh rampés,
Mun pareng diri rahayu,
Ulah kirang narimakeun deui,
Raoskeun ngeunah teu ngeunah,
Saha anu gaduh,
Pikir seug kahkar (sic) ku akal,
Geus tinangtu jadi keur diri,
Nerapkeun da kumawula.

2.

Paribasa lahir kula ning Gusti,
Ari batin kula ning Allah,
Samangsa diri urang téh,
Da bubuhan eukeur hirup,
Satiyap-tiyap papanggih,
Jeung kasalematan dunya,
Batinana gé kitu,