Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
39
 

Sapawati anu disebah (sic),
Keur cekelan diri urang pribadi,
Sukur terus ramo tangan.

3.

Ari tangan paranti nyembah,
Ka Gusti reujeung deui pikeun nulis ingetan,
Sagala lampah nu hadé,
Beuheung terus kana sungut,
Sungut atawa na biwir,
Paranti jawab pariksa,
Pasiyan nu Agung,
Paranti dahar nu halal,
Pasihna éta nu lahir,
Ulah ngadahar larangan.

4.

Éta anu dilarang ku Gusti,
Papacuan ku urang disorang,
Singkahan ulah dék témbong,
Paningal deui nya kitu,
Sing hadé caga (sic) tingali,
Ulah satingal-tingalna,
Lampah keur awak sakujur,
Tilik lari timbang lampah,
Ari lain buwat tingalan utami,
Pacuwan ulah disorang.

5.

Kitu deui éta duwa kuping,
Masing sidik tilangan,
Ulah sok sadéngé-déngé,
Ari lain dangukeunana tangtu,
Hingga pangandika Gusti,
Geus dicatet ku babasan,
Sakecaping Ratu,
Caketkeun dangu ti jalan,