|
Ari mungguh anu dijalankeun ku Gusti,
Sagala laku utama.
|
6. |
Pikeun jalan kasenangan hurip,
Di abdi namu-namu du pasang (sic),
Minangka nu nandé lélé,
Ati-ati dawuh Ratu,
Karana lélé sok matil,
Kitu dawuh utama,
Mun talédor tangtu,
Matak mamala ka awak,
Kumawula lain pikeun hanteu titi,
Sakitu piwejang éyang.
|
7. |
Montong gancang sakitu piker,
Ulah poho siyang wengi Ujang,
Jeung deui // jeung deui éta téh, (23)
Ti dieu Ujang ngajugjug,
Bujeng leuweung gunung Mesir,
Ulah dék salah nya marga,
Tapi engké tangtu,
Ujang dibuwaya mangap,
Anu nyusul ka Ujang ti nagri Habsi,
Nya éta balad Nangkoda.
|
8. |
Montong reuwas pasrahkeun nya diri,
Coba ieu tampanan ku Ujang, (sic)
Coba ieu duhung matra,
Malah mandar ké ka payun,
Jadi pamegat balai,
Ngaran duhung si Gagak,
Jeung jangji ka Enung,
Sanajan tepang jeung lawan,
Ari henteu ka Ujang rék ngarah pati,
|