Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
41
 

Ulah arék kumaonam.

9.

Lebih parah salulut nya pikir,
Saupama teu méré timbangan,
Rék ngarah pati ka anang, (sic)
Heg baé teken duhung,
Ngan ulah takabur pikir,
Ngadukeun batara kala,
Di batara uyun,
Nganeuk sudi rasundari,
Radén Ahmad cedok nyembah nampa keris,
Geus kacandak ku Dén Ahmad.

10.

Sang Pandita nyandak deui badi,
Hé Muhammad iya tampanan,
Jangji panyakitu kénéh,
Ieu badi sami mulus,
Maunatan sami jeung keris,
Ngaranan Gangga Pertulah,
Muhammad ka payun,
Nampi pasihan éyang,
Geus disorén cakep panganggon lantip,
Suhun pasihan Keng Éyang.

11.

Sang Pandita nyaur alon deui,
Heug ayeuna geura los arangkat,
Reujeung jaganing pagéto,
Saupama aya maksud,
Kasesehan euweuh duwit,
Pipi manéh Ahmad usap,
Anu ti katuhu,
Tangtu bijil uwang dinar,
Enya éta karamat manuk tadi,
Milik manéh dahar sirah.