Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
42
 
12.

Ari éta akang manéh deui,
Dén Muhammad anu dahar awak,
Ku Éyang mo dicariyos,
Pamali tacan tinangtu,
Jadi mun éyang wawarti,
Ngadehenan nu kawas,
Tur tacan tinangtu,
Nu euweuh sadurung winarah,
Raos éyang ngan di manusa kangleuwih,
Kangjeng Gusti Rasulullah.

13.

Halos Ujang bismillah arindit,
Ulah // pada lami nya di éyang,   (24)
Ayeuna dijurung miyos,
Lain teu sono ka Enung,
Didungakeun sing lastari,
Cedok Radén marujungan,
Ka tangan Syéh Jagung,
Geus munjung sami ngaléngkah,
Matak lucu kayungyun anu ningali,
Geus pada mundur kaluar.

VII. Durma

1.

Barang mundu bijil ti lawang guha,
Parajurit urang Habsi,
Geus nyampak di dinya,
Kagét Dén Ahmad Muhammad,
Radén Ahmad seug ngalahir,
Kakang tingalan,
Ieu ti mana perjurit.

2.

Palangsiang ieu anu nyusul urang,
Radén Muhammad ngalahir,
Ieu Radén mowal gagal,