Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
43
 


Tangtuna gé ngepung urang,
Perjurit urang Habsi,
Ka mana urang,
Pigeusaneun urang nyingkir.

3.

Eukeur kitu rét kabéh perjurit Habsi,
Gugup jeung pada ngalahir,
Éta naon dua jalmi,
Bet tétéla dua jalma,
Rop dikepung ku perjurit,
Jalok tingang alas,
Geus taya petana nyingkir.

4.

Geus dibuder kepung bakul buaya mangap,
Aya hiji perjurit,
Nétélakeun nanya,
Saha ngaran manéh budak,
Radén Ahmad seug ngalahir,
Ngaran kaula,
Ahmad Muhammad ti Habsi.

5.

Putra Randa nu ngadahar manuk titiran,
Ki Nangkoda Habsi nguping,
Ger celuk ka nu loba,
Hempék baé entong tatanya,
Éta si bangsat si maling,
Perjurit joba,
Mangké ulah rusuh teuing.

6.

Sakirana nu dialo budak duwa,
Enya mowal bisi nyingkir,
Geus kalingkung ku barandal,
Urang hayang sidik heula,
Durpana aya maling,
Kutan téh budak,