Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/282

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
283
 

Marukan lain Ahmad,
Nu jadi ratu di Mesir,
Kitu deui jeung Sultan kebet carita.

16.

Neuteup deui ka ibuna,
Liwat langkung matak watir,
Matak teu kaduga nanya,
Kuru aking ngajangjawing,
Réh deui kebat sumbaling,
Babuna Sultan kapungkur,
Salirana pada ragas,
Kawasna tapak panggitik,
Saenggalna jeung sultan kebat carita.

17.

Ieu tatamu ti mana,
Kawas lain urang Mesir,
Ti mana nya lembur paman,
Kawula anyar pinanggih,
Naon piunjuk nu pasti,
Kulan-kulan banget maksud,
Serta kaula nu sadia,
Make istri ieu bibi Ahmad,
Nyembah pandita anu unjukan.

18.

Sumuhun parrksa tuan,
Jisim abdi teu ti Habsi,
Jisim abdi teu pandita,
Jeung ieu Nangkoda Habsi,
Muga (?) ka Gusti,
Sumeja neda pitulung,
Neda sanjata hukuman,
Nyuhungkeun hukum nu adil,
Saawitna bermula bareto asal.

19.

Datang ieu Ki Nangkoda ngimpi,