Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/281

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
282
 

Ngajumpalik ku Ki Nangkoda,
Nyengir bawaning ku nyeuri,
Asa pasiksak nya diri,
Gegeroan ka Ki Bijun,
Ku si Bijun katingal,
Tonggoy ti heula ngancid,
Ka Nangkoda seug ngarereh jijingkedan.

13.

Gancangna ieu carita,
Geus sumping ka nagri Mesir,
Nangkoda kawik jeung pandita,
Amprok di nagri Mesir,
Randa jeung Emban Sumbaling,
Sarawuh jeung pun Biju,
Kebat ngadeuheus ka Raja,
Kasondong ratu keur linggih,
Berhimpunan // para ratu pramusawarah.

14.

Ahmad sareng Kangjeng Sultan,           (139)
Ratu ningal kanu sarumping,
Henteu samar ka Maningan,
Dina manah Sultan Mesir,
Ieu sidik urang Habsi,
Nangkoda jeung kangjeng ibu,
Bengong ibuna tuminggal,
Amung rasiah teu muni,
Ngan ibuna pangling teu nyaho ka putra.

15.

Kangjeng Sultan gegebegan,
Raos ngimpi jeung hawatir,
Nyaur dina jero manah,
Naha rék naon ka aing,
Pandita Nangkoda Habsi,
Ka ratu heunteu timuru,