Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/280

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
281
 

Muga dipasihan dunga,
Emban Sambadi ningal,
Langkung katir milu murubut cisoca.

9.

Hawelas ka Nyai randa,
Langkung kelar nya sambadi,
Katingal ku Ki Nangkoda,
Dirangket emban Sambali,
Éta sia manteng ceurik,
Perkara nyi randa burung,
Sanajan datang ka moara,
Peduli teu nyaah teuing,
Sukur-sukur paéhna ogé di jalan.

10.

Emban sambadi teu jawab,
Bawaning sieun jeung nyeuri,
Pinulung Alloh Ya Alloh,
Nangkoda teu nangan calik,
Randa jeung Emban Sambali,
Kerar angkatna pajauh,
Nangkoda indit patilar,
Gegeroan nu pandeuri,
Nyai randa ké heula aing dagoan.

11.

Teu kadangu ku nyi randa,
Tonggoy ti heula ngincid,
Teu pisan ningal ka tukang,
Ki Nangkoda tambah pusing,
Ambek nyedek napsu jadi,
Tanaga lesu kalangkung,
Ngan bati ambek deui,
Datang uncal ti gunung diudag macan.

12.

Ngadupak ka Ki Nangkoda,
Kutanduk digitik,