Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/279

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
280
 

Dirangkét ku Ki Nangkoda,
Salira randa Kosasih,
Ngagéléng tapak cameti,
Lamun kendor pék dibabuk,
Nyi randa sajalan jalan,
Murubut cisoca nangis,
Totobatan ménta ampun ka Nangkoda.

6.

Kutuk gendeng Ki Nangkoda,
Montong ceurik siya anjing,
Bongan baé anak siya,
Anu mawa rujit ka aing,
Bangsat lanjat tukang maling,
Sailon jeung sia asu,
Ceuk nyi randa (?) kuring tobat,
Henteu pisan-pisan kuring,
Teu sapilon sapangkat lampah kula.

7.

Ngajawab deui // Nangkoda,
Ambek bakating teu sudi,             (138)
Dipareukeuk dirangketan,
Nyi randa jerit jumeurit,
Bakating ku tina nyeri,
Sasambat ka raja jemur,
Aduh gusti Raja Sam,
Cilaka diri sim abdi,
Kutan kieu nyerina katilar engkang.

8.

Sim abdi sorang sangsara,
Kuru aking ngajangjawing,
Héy Allohu Ya Rosullulloh,
Ni’mat teuing diri abdi,
Gusti nu langkung tingal,
Emban téh neda pitulung,