Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/278

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
279
 

Di jalan pandita nanya,
Nya éta Pandita Habsi,
Jeung ayeuna kuma karep ka Nangkoda.

2.

Ayeuna kula rék nanya,
Ngajawab Nangkoda bengis,
Perkawis ayeuna urang,
Padu geus seubeuh di Habsi,
Hayang manggih hukum adil,
Salian ti Habsi ratu,
Ngan aya kapanasaran,
Béjana di nagri Mesir,
Perbupati langkung adil parmata.

3.

Cing urang menta hukuman,
Ka ratu bopati Mesir,
Ceuk pandita hayuh jalan,
Ulah rék ngisukeun deui,
Nu dahar tangtu ti payun,
Kebat pandita ti heula,
Ka Nangkoda pulang gasik,
Nyokot saksi ibuna Ahmad Muhammad.

4.

Ujeung nyandak pandakawan,
Kai biju ti Habsi,
Nanggung koper wadah uang,
Ki Nangkoda geus sayagi,
Ngiringkeun Ratna Kosasih,
Anu ti heula pun biju,
Diiringkeun ku Nangkoda,
Randa jeung (?),
Ki Nangkoda mawa pecut ti pungkurna.

5.

Ana kendor nyai randa,
Bakating angkat diangsih,