Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/287

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
288
 

Ti Mesir ngageuwat balik,
Gura-giru di jalan,
Sieun kaliwat saking.

15.

Sot tunda lampah pun Biju,
Engké dinalika deui,
Kacaturkeun Kangjeung Sultan Napsi,
Lungsur tina korsi,
Ibu ieu tukang putra,
Ahmad Muhammad sim kuring.

16.

Naha ibu heunteu puguh,
Barang rét ibu ningal,
Disidikkeun yaktos putra,
Ngadengék ibu jeung nangis,
Du Radén Ahmad Muhammad,
Si ibu teu nanya teuing.

17.

Geus pada mangku kadatuan,
Sukur sujud ka yang wadi,
Si ibu téa pikirna,
Jeung radén tepang deui,
Ayeuna Ahmad illahi,
Tepang geus jeneng bupati.

18.

Raja sam énggal lungsur,
Ningal ka raja napsi,
Aduh embok henteu // nyana,           (142)
Ngagentos Raja Sam,
Patih akmad tea kuring.

19.

Raina dipati jemur,
Ayeuna téh jisim kuring,
Nggentos raja di Sam,
Raka ningalna kakasih,
Dipati Arya Wijaya,