| |
| 20. | Perkara kuring tangtu,
Jeung embok tepang di Mesir,
Bet aya dipangimpian,
Nya randa nangis ngalahir,
Embok gé nya kitu pisan,
Loba anu dipikaéling. |
| 21. | Parandana sukur sujud,
Urut embok prihatin,
Katilar dulur jeung anak,
Kuru aking ngajangjawing,
Nembé tepang jeung ganjaran,
Nuhun sukur ka yang widi. |
| 22. | Ayeuna riung mungpulung,
Urang téh emban Sumaling,
Manéh gé tepang jeung anak,
Nu dirorok ti leuleutik,
Kaisingan kakiihan,
Ayeuna kari mulang tamba pasti. |
| 23. | Ahmad Muhammad seug nyaur,
Sumuhun emban Sumaling,
Montong mulih ka Habsah,
Ayeuna tetep di Mesir,
Gancangna baé carita,
Ibuna diangkir linggih. |
| 24. | Para gara enggeus lungguh,
Mangga ibu Sultan Mesir,
Neng Kumala Siti Bagdad,
Nyi panghulu jeung meuswari,
Nyi randa ibu Sumingkar,
Nyi Rangga Nyi damang mantri. |