Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/290

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
291
 
30.

Raja Sundang jeung Bintulu,
Kalaban Raja Kondana,
Kaopat Raja Lokutor,
Mantuna Raja Habsi,
Aya deui liyan ti dinya,
Raja Tanlingga Sakti.

31.

Harita keur berhimpun,
Di pamengkang dayeuh Habsi,
Nyampak anu ngadeuheusan,
Lenggah dina korsi gading,
Raja Habsi seug ninggalan,
Ka sadaya para Bupati.

32.

(?) ka (?) para ratu,
Kaur keur heran pikir,
Kaheranan Wiramaya,
Jeung Wira Sentika deui,
Asal nyusul Duratmaka,
Teu puguh losna nu ngusir.


33.

Lebeng baé ti kapungkur,
Henteu dongkap ka Habsi,
Naha ka mana nyusulna,
Paunjuk para bupati,
Manawi raos abdi mah,
Moal lami deui kénging.

34.

Kénging Wartos enggeus tagtu,
Najan Wiramaya mati,
Wartos mah (?) kedah aya,
Kawantu sanés patih,
Manahna heunteu kapalang,
Ti kapungkur téa karisi.