Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/291

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
292
 
XXXXV. PANGKUR
1.

// barang raja keur guneman,
Raja Habsi jeung sakabéh para bupati,
Torojol dongkap pun bijun,
Ngadeuheus ka Raja Habsi,
Diuk mando dipayuneun ratu,
Raja Habsi teu kasmaran,
Rét ka si Bijun ngalirik.

2.

Raja Habsi seug ngandika,
Naha manéh Bijun usuh-rusuh teuing,
Arék naon manéh Bijun,
Si Bijun énggal unjukan,
Jisim abdi nyanggakeun duta panglangu,
Ngunjukkeun rama gamparan,
Juragan Nangkoda Habsi.

3.

Sinareng pandita Mukdam,
Sami pada ditelasan ku ratu Mesir,
Duka kumaha kulanun,
Sim abdi langkung hawelas,
Sareng deui sim abdi kaliwat unjuk,
Ngunjukkeun ka Wiramaya,