Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/292

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
293
 

Bet aya di nagri Mesir.

4.

Ari randa jeung lanjangna,
Teu dihukum agan ditangkepan di Mesir,
Sakitu abdi piunjuk,
Banget abdi nya hawelas,
Raja Habsi barang midanget piunjuk,
Nangis bari sasaruan,
Bijun komo teuing aing.

5.

Manéh sakitu // hawelas,
Komo teuing mungguh dina diri aing,
Puguh gé sadérék ibu,
Kumaha dicarék nyaah,
Da pun paman sarta kolot ngan sakitu,
Naha maké ditelasan,
Kurang ajar Ratu Mesir.

6.

Aing téh disangka pisan.
Euweuh haté samaruk aing teu wani,
Moal mundur kanu kitu,
Moal nguyang digabahan,
Sumawonna kabeungharan aing punjul,
Dunya sugih tanah lega,