Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/298

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
299
 

Panah ngaran pun japang,           (146)
Pecut ngaran pun rukamit.

22.

Duhun ngaran pun warangka,
Tutunggangan kuda héjo semparani,
Gagah pangaruh dék ngapung,
Panganggo keperjuritan,
Udat beureum nandakeun berani pupus,
Omeng namru dina tak-tak,
Bandéra beureum ngelawir.

23.

Tema ku Raja berginggang,
Enya éta sadérék Raja Habsi,
Gendeng jeung nitihan sabuk,
Panganggo ka perjuritan,
Eulis (?) pertanda nu cakep pupus,
Embok namru daian tak-tak,
Manggul gada nyungkelang tamasir.

24.

Kosan putra ménak duta,
Mata beureum biasa lain kasakit,
Bandera beureum melengkung,
Ditema ku raja Habsah,
Raja Habsah nu agung ngebawa ratu,