Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/299

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
300
 

Nu ngobeng patih bergada,
Patih berkuda tiger.

25.

Raja Habsah tunggang gajah,
Makutana hurung maneur bina kasih,
Ditabur inten bariyung,
Inten miah berlian,
Ting beracak ting gurilap ting burubut,
Katimbu ku indra dita,
Matak sérab nu ningal.

26.

Sapungkureun raja Habsah,
Kabéh raja mangpuluh-puluh nu ngiring,
Warna tutunggangan atu,
Anu gancang anu juda,
Anu himar balakadabé onta senuk,
Aya anu tonggong singa,
Sawaréh tunggang janggiri.

27.

Gancang nu mangku carita,
Enggeus dongkap ka tanah nagri Mesir,
Pandita sareng para ratu,
Milihan tegal nu lega,
Enggeus mendak sartana nyandangkeun (?),