Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/300

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
301
 

Déét caina jeung hérang,
Banggawan Nil sarta (?).

XXXXVI DANGDANGGULA

1.

// Sadayana wadia perjurit,
Masangrahan sami nyieun tempat,
Tangsi-tangsi tempat parabot,
Geus tartib kabéh para ratu,
Sumawonna para jurit,
Nyandak pakakas sadaya,
Pikeun tempat ratu,
Pakuan para raja geus marakbak,
Handapeun unwat kuning,
Sawareh hateup parelak.

2.

Raja Habsi wantu sugih mukti,
Hateup// didangdosan,
Sugih balad réa uang,           (147)
Jongos kokin teu kantun,
Kadaharan warti-warti,
(?) keun kana onta,
Mubal ratus,