Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/301

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
302
 

Paké muat kadaharan,
Buat perang pikeun rangsom para jurit,
Seug tetep masangrahan.

3.

Raja Habsi ngadawuh ka patih,
Nyieun serat nangtang perang,
Di pasangrahan ngadago,
Énggal patih gura-giru,
Dék nyerang panangtang jurit,
Geus putus ngadamel serat,
Énggalna nu ngadawuh,
Biur dua ponggawa,
Dua mantra nu kapilih perjurit,
Geus brol mangkat mantra dua.

4.

Sigeung mantra utusan ti Habsi,
Anu arék nyanggakeun panangtang,
Gentos anu dicarios,
Kocap di Mesir paa atu kumpulan,
Para bupati papatih,
Mantra ponggawa amtenar karumpul,
Kitu deui wadya balad,
Harita usik para jurit nagri Mesir,