Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/304

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
305
 

Lamun enya manéh kahot,
Coba geura papag pupus,
Urang pada perang tanding,
Ngetak ludira sondari,
Satengahing pupus,
Ngandukeun batara kala,
Montong perang ngadukeun balad perjurit,
Éta mah perang rorodan.

10.

Anu tangtu maksud diri kami,
Urang pada tigas pacing jangga,
Montong hayang saling bobong,
Najan hirup ari kupur,
Ngandung wiwirang di lahir,
Ari manggah kami téa,
Kanyeuri teu lipur,
Nya éta ku manéh Muhammad,
Wani negas beuheungna paman kami,
Nanya reueus beunghar jadi sultan.

11.

Moal nguyang kami téh ka meri,
Henteu butuh ka dunya baan,
Ari kabeungharan manéh,