Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/305

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
306
 

Upama ditimbang tangtu,
Tanding kana cinggir,
Kami najan kagagahna pisan,
Éta moal nyusul,
Asup kana paribasa,
Kalah butak bisa meunangkeun ka Habsi,
Sanajan kulit tambaga.

12.

Tangtu teuas aing kulit weusi,
Otot sing enya éta timah,
Urat kawar beusi kabéh,
Kadigjayaan manéh tangtu,
Aya dina elak-elakan,
Kami kabéh ku aing,
Kahuap kitu,
Dimaksud najan aing meunang,
Péang henteu pamrih hayang ngaboyong ka Mesir,
Sebab teu butuh ku banda.

13.

Butuh sotéh éta nu dipamrih,
Hayang nigas éta beuheung sia,
Rasakeun ku sia engké,
Nagri Mesir engké tangtu,