Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/306

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
307
 

Moal seubeuh aing juig,
Dijieun leumah ireungna,
Getihna diduruk,
Sakitu unggeling serat,
Sultan Mesir gumujeng bagi ngalahir,
Nanya ka nu mawa serat.

14.

Héy utusan manéh nu teu Habsi,
Ieu kula moal walon serat,
Ngan kudu bejakeun baé,
Ka Raja Habsi nu punjul,
Anu punjul saurna (?),
Kami téa nuhun pisan,
Perang jeung nu jegud,           (149)
Balikan musuh walurat,
Meureun kamu éra ngalawan jurit,
Jeung béjakeun deui poma.

15.

Anu baris ngayonan Habsi,
Ngan sorangan ternama Ahmad,
Wakil kula musuh gedé,
Nah walonan kusakitu,
Utusan Habsi geus balik,