Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/307

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
308
 

Henteu kocap di jalan,
Ka Habsi geus cunduk,
Kocapkeun anu ditukang,
Radén Ahmad seug nimbalan ka papatih,
Mangga balad baris perang.

16.

Radén patih enggeus jeung arindit,
Nakol bandé tangar rék perang,
Kumendang lekat ngarantos,
Gobang locang mukul tambur,
Mariyem tangar deui,
Diseungeut barang lapisan,
Mariyem sapuluh,
Nagara sampe geueuman,
Saantéro sawewengkon nagri Mesir,
Pada dongkap karumpulan.

17.

Sakura nu wajib tunggu nagri,
Geus karumpul perang sakabéh,
Mapag balad enggeus tangtu,
Kitu deui para bupati,
Tumbak pedang jeung sinapan,
Pelorna teu kitu,