Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/308

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
309
 

Sakumaha biasana,
Geus sayagi kocap deui Sultan Mesir,
Geus sadia karajaan.

18.

Kitu deui bupati Manjeti,
Radén Ahmad geus sami sadis,
Dangdosan keperjuritanna téh,
Ratu Manjeti seug nyaur,
Ka kendék dua para jurit,
Wiramaya Wira Sentika,
Geus marék ka Ratu,
Raja Ahmad seug ningalan,
Wiramaya kedah menggal ka Manjeti,
Ngadeuheusan ka (?) soca.

19.

Ieu serat nyanggakeun ka putri,
Mening énggal wartoskeun keur perang,
Héy ieu tumpakan kaor,
Wiramaya nyembah matur,
Unjuk sumangga jeung indit,
Nyarita jeung nempa serat,
Sareng kaor kanjut suku,
Wiramaya seug jeung angkat,