Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/315

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
316
 

Ku hayang nyaho rupana,
Jeung naha teu maju jurit.

20.

Ratu Manjeti ngandika,
Apan ieu diri kami,
Anu ngayonan pupus,
Satiap kami geus pati,
Tina lantaran Sultan mesir.

21.

Bela pati di kalangan,
Raja Gondani geus nguping,
Perkara sing rék pupus,
Pikir aing mangsar mingsir,
Aing téh satengah éra,
Sabab ningal musuh jurit.

22.

Ngan sakitu warugana,
Asa perang jeung budak alit,
Tutur musuh gedé jangkung,
Ayeuna aing téh ganjil,
Asup kana paribasa,
Munding diadu jeung kambing.

23.

Merak ngalawan // pujikarka,
Boga musuh kurang taksir,