Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/316

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
317
 

Kumaha pikina atuh,
Abong budak Sultan Mesir,
Naha kumaha ari perang,
Marukan cara ngibing.

24.

Sanajan boga dudugé,
Puguh gé (?) keun pati,
Aing kabelejog pupus,
Ari arék mundur deui,
Geus maju kana kalangan,
Katongton ku urang Habsi.

25.

Ratu Manjeti ngandika,
Héy musuh urang Habsi,
Kaleuwihan aing saur,
Bilih ham-ham manéh pikir,
Ceuk kami ieu ayeuna,
Neda ka nu murbeng (?).

26.

Dék nyuhunkeun dedeg awak,
Masing gede ngajingkiring,
Dén Ahmad napak babuyut,
Enya éta Endang Kasandi,
Hei Endang wulusung jagat,