Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/317

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
318
 

Menta gedé ngajungkiring.

27.

Teu lami deui waktuna,
Janggélék geus ngajunggiring,
Jeleg sagede buta langkung,
Dina tengah medan jurit,
Ningal ku musuh lawan éta sang raja Gondani,
Nyakakak bawaning suka bari mundur taki-tak.

XXXXVII DURMA

1.

// Radén Ahmad nimbalang ka sumbirata,
Aéh musuh urang Habsi,
Cing ayeuna dék kumaha,
Piarepeun téh sampéan,
Réhing kaula geus bukti,
Yén sapanorah,
Raja Gondani ngalahir.

2.

Karep aing ngara miheulaan,
Jajal heula diri aing,
Kagagahanana bisina,
Manéh kurang terang,
Senapatina,
Habsah teas-teasna,