Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/318

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
319
 

Enggal dipati Manjeti.

3.

Newok ka musuh ngan sakeak ngan sakalilat,
Dibalangkeun langkung tarik,
Geus biur éta dibalang,
Sang Gondani kaleresan,
Tiba kaan luareun baris,
Wadia balad,
Ramé surak urang Mesir.

4.

Sumbirata geus gagah deui tangginas,
Ngan sakilat geus jol deui,
Kahareupeun Dén Ahmad,
Ger surak urang Habsi,
Ngéra-ngéra urang Mesir,
Marukan hilang,
Kocapkeun Raja Gondani.

5.

Geus katingal payuneun Rahadén Ahmad,
Keg deui Raja Gondani,
Ditewak ku Radén Ahmad,
Geus biur dibalang,
Gebut deui sang Gondani,
Raja Gondana,