Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/319

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
320
 

Teu lami gugah deui.           (153)

6.

Nya éta ka payuneun Radén Ahmad,
Héy manéh urang manjeti,
Nya teu wudu manéh Ahmad,
Terus digjayana rasakeun,
Pang bales aing,
Raja Gondani,
Kek néwak ka Ahmad gasik.

7.

Barang kek téh dijungjungkeun raja Ahmad,
Beruat henteu usik-usik,
Bijil késang sumbirata,
Ting perentis tina awak,
Ci karinget sang Gondani,
Mundur ka tukang,
Seg negek Endang kakanda.

8.

Éndong-éndong aing menta dedeg awak,
Teu lami Raja Gondani,
Geus jeleg rupa yaksa,
Sagedé buta arimba,
Pepek jeung Ratu Manjeti,
Raja Gondana,