Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/321

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
322
 

Digjaya akun jurit.

12.

Néwak deui Raja Gondani ka Ahmad,
Biur dibalangkeun deui,
Jol deui éta ti tukang,
Tukangeun Raja Gondani,
Ditoél Raja Gondani, astaga Illahi,
Geus jol ti tukangeun deui.

13.

Kawalahan Raja Gondani seg newak,
Radén Ahmad tijumpalik,
Radén pinter gagah didupak,
Raja Gondana ngajungkel,
Ngajungkel tiba kabumi,
Nangkarak bengkang,
Hudang gasik Sang Gondani.

14.

Kurang ajar pinter teuing sia Ahmad,
Coba ger tanggap deui,
Raja Gondani top gada,
Coba tanggap sia ahmad,
Tampanan pamukul aing,
Rahadén Ahmad,
Geus nyandak kepeng panakis.