Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/324

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
325
 
21.

Sang Gondani jumarigjeg kapiuhan,
Janggelek waras eling deui,
Gesik deui eta néwak,
Kana cepil Radén Ahmad,
Bari jebét ditampiling,
Rahadén Ahmad,
Kapidara henteu éling.

22.

Jumarigjeg barang dék tiba ka lemah,
Ku musuh ditéwak deui,
Dialungkeun Radén Ahmad,
Ngajumpalik kana lemah,
Ku musuh ditéwak deui,
Biur dibalang,
Tiba sapunggureun baris.

23.

Urang Habsah surakna ayeuh-ayeuhan,
Kocap Radén Ahmad deui,
Ras cling seg deui gugah,
Ngahuleng bari ngamanéh,
Ras émut kana sanjata jin,
Enggal dicandak jamparing.

24.

Radén Ahmad mantang panah ti kalengganan,