Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/323

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
324
 
18.

Sang Gondani nakis gada Raja Ahmad,
Jegur lir ombak jaladri,
Pating burinyai seuneuna,
Diadu kepeng jeung gada,
Gurat kepeng Gondani,
Raja Dén Ahmad,
Mando dua tilu kali.

19.

Panggadana masih kuwat Radén Ahmad,
Sami tanggap perjurit,
Miceun gada narik pedang,
Buk bek campuh silih pedang,
Sami caé pedang tamsir,
Taya nu terak,
Taya nu kasoran jurit.

20.

Sang Gondani néwak cepilna Dén Ahmad,
Dicabok kulemung gunting,
Leng deui Ahmad kapiuhan,
Barang Ahmad pék melesat,
Kek néwak cepil Gondani,
Bari ditongtak,
Dicabok bari digitik.