Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/326

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
327
 

Kagét Dén Ahmad ningali,
Geuwat éndongna ditepak,
Endongna gewat menta panah,
Ger salaksa jamparing,
Geuwat nulungan,
Ger mapeg jamparing Habsi.

28.

Henteu lami panah bijil tina kasang,
Geus caralulun jamparing,
Rébu dipapang ku laksa,
Jamparing Habsi teu kuat,
Geus muru séwu jamparing,
Pada majukeun,
Diudag nyebrut jamparing.

29.

Nya éta ku laksa jamparing Ahmad,
Raja Gondani ningali,
Kasoran pangawasana,
Duh biang nyata digjaya,
Gancangna Raja Gondani,
Seg nepak kasang,
Héy kasang menta jamparing.

30.

Geuwat papag jamparing itu si Ahmad,