Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/327

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
328
 

Ménta jamparing saketi,
Teu lila deui waktuna,
Dikabul sapadenata,
Tina seueur jimat jurit,
Ceuk basa Jawa,
Satékana kang dumadi.

31.

Geus burubul jamparing éta ti kantong,
Lobana éta saketi,
Kapapag jamparing,
Ahmad lir pandah udan lan barat,
Geus (?) pun akelis,
Panah Dén Ahmad,
Teu kiat ngalawan keti.

32.

Radén Ahmad kagét ningali pangawasa,
Nyaur sajeroning galih,
Lamun kieu petang mah,
Geus taya monyet hideungna,
Laksa dilawan ku keti,
Paongko rongkah,
Coba rék digentos deui.

33.

Raja Ahmad ngawatek aji berahma,