Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/329

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
330
 

Rongkah geus ngemplang,
Kawas jaladri sieun katinggang ku hujan,
Seuneu pareum hujan saat,
Janggélék Raja Gondani,
Kalawan Ahmad,
Magatru jongok ningali.

XXXXVIII MAGATRU

1.

// Raja Ahmad geus jongok papayun-payun,
Raja Gondani ngalahi,
Hayuh Ahmad sami taguh,
Bijikeun jajatén jurit,
Aing moal weléh tagoh.

2.

Sakumaha jajatén manéh kauntup,
Balikan manéh ka aing,
Milang bulan milang taun,
Hayang ngapesakeun ka aing,
Moal nete kana ramo.

3.

Coba hempék bijilkeun jajatén pupus,
Atuh Manjeti ngalahir,
Barina jeung nyebut duhung,
Ngaran sagagak keris,