Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/330

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
331
 

Hei musuh Habsi kahot.

4.

Panasaran kami acan sili suduk,
Raja Gondani ngalahir,
Cing manéh langkung takabur,
Nya ayeuna tangtu aing,
Menang gawé neukteuk uang.

5.

Kapengkerna kami geus ngadukeun duhung,
Sang Gondani tangtu kénging,
Hei Ahmad geura pék nyuduk,
Dipati Anom ngalahir,
Kami geus séép nya rampon.

6.

Geura males ka kami geura nyuduk,
Raja Gondani ngalahir,
Barina jeung nyabut duhung,
Si gagak warangka keris,
Ditewak dipati anom.

7.

Pisabukeunana ditéwak ku musuh,
Hei Ahmad Ratu Manjeti,
Geura seg tanggoh ka luhur,
Sambat tungkul ka papagon.

8.

Geura ténjo si gagak warangka duhung,