Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/331

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
332
 

Ta manéh geus iklas pati,
Coba-coba anu itu,
Dipati anom ngalahir,
Kum enggeus pasrah yaktos.

9.

Lillahi dunya tegang pati dina pupus,
Diri kami suka ati,
Ger suka leupaskeun duhung,
Gancangna Raja Gondani,
Enggal musuh digejos.

10.

Geus kuciwek Ahmad dibunuh ku musuh,
Kersana Raja Gondani,
Teterak anggur murungkut,
Ngaringkel kawas titinggi,
Kaget Gondani ulah hook.

11.

Naha ieung aya kakara Saumur,
Si gagak // warangka keris,
Bet apus dipaké pupus,           (157)
Ngaringkel cara titinggi,
Laleuleus cara salam baktos.

12.

Tapi bener henteu makan ieu duhung,
Jeung geus béak parabot jurit,