Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/332

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
333
 

Tapi aing kana mundur,
Atawa kana miris,
Moal datang ka ngaléos.

13.

Masih seueur jajatén pinunjul,
Moal ngejat kana jurit,
Nyaur Ratu Manjeti nyaur,
Hey manéh urang Habsi,
Jamak kami ogé yaktos.

14.

Dijadukeun teu kalangan pupus,
Karana ayeuna téh kami,
Lain tedak haying lisung,
(?) anak perjurit,
Teges bekas samkaraton.

15.

Bapa kami geus mashur Dipati Jemur,
Musuhna urang Habsi,
Satang kabuyutan tumurun,
Tiningal jeung ngejat juit,
Suka dina medan (?).

16.

Sang Gondani nguping susumbarna musuh,
Ngaranjug kaliwat saking,
Sumorodot dina kalbu,