Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/336

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
337
 

Mana moal aya nu kawon.


29.

Mana ieu duhung mamang sareng enung,
Pun gagat lanang lalaki,
Enya ieu keris anu,
Pun gagak warangka keris,
Tuh mamang minangka wadon.

30.

Mana moal nu kasoran nya duhung,
Sapandé jeung samaranggi,
Ayeuna mamang téh atuh,
Seja telak badé ngiring,
Sarta mamang kudu barodog.

31.

Anu matak mamang kudu ditamblung,
Supaya balad habsi,
Bias nyaho kala pupus,
Ngaringna saur dipati,
Pangkur pinangisna yaktos,
// pernah ajak ka kosasih,          
Radén Ahmad mandowalon.

32.

Enya éta ibu kuring anu tangtu,
Kuping ku Sang Kawindani,