Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/337

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
338
 

Aduh Radén anak insun,
Paman Bajinaha tengih,
Ieu perang eujeung alo.

33.

Na di mana ayeuna téh tuang ibu,
Jumenang kénéh di lahir,
Atawana eunggeus pupus,
Dipati Anom ngalahir,
Sumuhun parios katon.

34.

Masih kénéh jumeneng di lahir ibu,
Malah ayeuna gé ngiring,
Kana pasangrahan pupu,
Paéh hirup katingali,
Ngan pun bapa nu geus maot.

35.

Seng Kawindani ngaderuk rus ras kapungkur,
Raja Kawindani ngalahir,
Pun Mamang arék picatur,
Baktosna ieu téh keris,
Pun gagak warangka yaktur.

36.

Pertandana mun teu mampuh ieu duhung,
Nandakeun bangal sawawi,
Mamang gé ti kakang Jemur,