Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/339

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
340
 

Kek dicandak ku Ahmad Raja Manjeti,
Sartana geus ditambalung,
Lajeng dicandak ti medan,
Radén Mantri Jaya Sutiya seug muru,
Néhing musuh geus kacandak,
Dibujeng ku patih Mesir.

2.

Raja Kawindani geus kebat,
Diiringkeun ku putra Sang Jeng Anggadi,
Urang Habsi kagét langkung,
Ningal aduwanna bandang,
Urang ramé surak liwat langkung ngagul,
Jeung tatabeuhan suka ningal,
Kénging jurit urang Habsi.

3.

Panasaran sadayana,
Para Sena ngagidir,
Harita barang rék maju,
Kabujeng burit mangsana,
Urang Mesir terang bandéra keur pupu,
Musuh lawan sami bubar,
Urang Habsi panasna ati.

4.

Kocap deui Raja Ahmad,