Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/340

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
341
 

Enggeus tepang éta ka Sultan Mesir,
Sareng sadaya para ratu,
Sulatan Mesir seug ngandika,
Sukur rayi kénging damel dina pupu,
Dén Ahmad matur ka raka,
Nimbalan raka jeung Gusti.

5.

Ieu musuhna ti Habsah,
Nu geus kénging Kang rayi hatur ningali,
Lantaran tepang jeung sepuh,
Dina perang Baratajmda,
Ieu mamang sadérékna Kangjeng ibu,
Jadi Raja Sumirata.

6.

Ka bawa ku Raja Habsi,
Barang nguping sadérékna,
Sultan Mesir kagét bari munjung sidik,
Ka dampal sampéan sujud,
Mamang haturan Kang Putra,
Sang kawindani alon barina jeung nyaur,
Sawangsulna diri mamang,
Haturan nembé ningali.

7.

Tuwang ibu téh di mana