Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/350

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

351

Sang ka mana ngaran Ahmad geura bijilkeun jurit,

Sugan hayang nyaho tedak Raja Sundan.

7. Senapatina Habsah,

Geura ayonan ajurit,

Barang eukeur nangtang perang,

Sumping dipati Manjeti,

Diobéng ku Patih Mesir,

Jeung ku putra Sam kadatun,

Jenengan Jaya Sutiya,

Ngaran Dén Ahmad Manjeti,

Enggeus dongkap Dén Ahmad kana kalangan.

8. Beut geus datang deui éta,

Tukang bangké anjing Mesir,

Nu sok mecutan betang,

Ka kuping ku Dén Mantri,

Sakalangkung ngangres galih,

Rahadén Ahmad seug matur,

Kulanun raka dipatya,

Sakalangkung pikir rayi,

Langkung nyeri ku ani hiji jama.

9. Baris diabanan heula,

Ku rayi neda pangidinm,

Pangandika Radén Ahmad,

Hade pisan akang idin,

Tapi masing aya akang gé,

Sedih kalangkung ucapan hanteu perenah,

Radén Mantri nyembah indit,

Ti payuneun Dén Ahmad geus purka merah.

10. Gok jeung Patih Gandapura,

Kersa barina ngalahir.