Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/349

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

350

Nu sok beuki bangké hayam,

Jaya Sutiya perhatin,

Disebut anjing ku Habsi,

Manahna ngerik kalangkung,

Kebat deui Jaya Sutiya,

Ka Pasangrahan geus nepi //, (161)

// para putri réang anu narangisan. (162)

4. Sumawonna Siti Bagdad,

Baranga sumping ningali,

Sang Bendara tacan hilap,

Dén Ahmad nepak kakandi,

Mundut landong kana kendi,

Bijil landong rupa balur,

Salira Datuk Bendara,

Dibalur ku landong kendi,

Cara konéng katitisan apu misan.

5. Sang Datuk pajar sapisan,

Jengkat barina ngalahir,

Yaa Alloh Yaa Rasu Alloh,

Muji sukur ka Nu Widi,

Tacan dongkap kana takdir,

Masih kénéh aya umur,

Salamet hutangan punah,

Sigegkeun Datuk Bendara,

Enggeus waras langkung dina pasangrahan.

6. Kocapkeun urang Habsah,

Enggeus ramé nangtang jurit,

Nu jadi panangtang perang,

Alona Raja Habsih,

Ngaran Patih Gandapuri,

Sosowak di médan pupu.