Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/348

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

349

28. Ngajungkel geus kapidara,

Rénghap-rénghap Datuk Bendara hanteu éling,

Raja Sundan baksa pupu,

Itu deuih siya modar,

Urang Habsi alon ningal musuh rubuh,

Geur surak langkung suka,

Tuh da anom urang Habsi.

Sinom

1. Raja Sundan langkung suka,

Tatandang di médan jurit,

Hé urang Mesir sadaya,

Aing éĕnta musuh jurit,

Sarta nu enya perjurit,

Sarta nu digjaya pupu,

Ulah méré kucirakan,

Angken ieu urang Habsi,

Saha nu butuh ku angké Datuk Bendara.

2. Kop ieu geura rawatan,

Katingal ku Radén Mantri,

Seug tuluy ka médan jurit,

Arék nyokot sang Bendara,

Dirawu digandong nuluy,

Ngan aya kénéh napasna,

Rénghap-rénghap Bendara,

Urang Habsah nénjo anu,

Nyokot bari ger surak diéra-éra.

3. Nyebat-nyebat anjing urang Mesir,